Gambar Dari Google
Ningali
rupa masigit agréng tur sigrong téh mantak waas. Ingeut ka jaman baheula basa
masigit masih kénéh di apit ku balong Aki Udung di kenca jeung jalan leutik di
katuhu. Panto masigit ukur
dua, hiji ti beulah kenca, nya ti arah balong Aki Udung pisan, ngahiji jeung
tempat wudu, hiji deui nyaéta panto utama ti hareup masigit anu buruanna lega
minangka batas masigit jeung jalan balaréa.
Ayeuna
rupa wawangunan masigit baheula geus euweuh teu katingali tapak-tapakna
acan. Balong Aki Udung, anu laukna sakali waktu dialaan ku kuring jang batur
ngaliwet geus jadi téras marmer. Ceuk béja éta marmer sumbangan ti Kiai Pasuruan, nu sok
sodaqoh kanu ngawangun
masigit. Sabagéan urut balong salian dijadikeun jero masigit, dijieun tempat
wudu caina tina lédeng. Kran cai aya kana tujuhna, sedeungkeun panampung cai
tina torn nu muat cai sarébu litereun.
WC dijieun dua, hiji keur awéwé, hiji keur lalaki dipisahkeun tembok manjang sapanjang
paragi wudu.
Di béh katuhu baheula jalan ayeuna dipantoan. Jadi panto masigit aya tilu teu dua deui jiga
baheula. Ngan katingalina jalan rada nyeumpitan, katarik ku masigit, cukup saukur motor ngaliwat. Tembok sawaréh diganti dijieun
jandéla kaca bisa dibuka tutup.
Buruan
lega geus eweuh sabab masigit manjangan ka jalan nyesakeun tepas ukuran dua keramik jeung paragi
neundeun sendal.
Sok ingeut baheula keur
leutik kénéh, luhureun buruan masigit
sok dijieun panggung jang mentaskeun kabisa barudak. Mun ayeuna mah disebutna
pentas seni meureun. Ieu acara pernahna dipidangkeun lamun méh muludan atawa
rajaban. Sabulan méméh mentas kuring jeung sakabéh babaturan ngaji soson-soson
latihan. Aya nu ngapalkeun bab-bab cara wudu, rukun iman, rukun islam, pupujian
ka kanjeung nabi, tagonian, jeung sandiwara. Malah keur pantaran kelas genep
kaluhur sok dititah pidato.
Teu
burung ieu acara loba pikaseurieun. Sababna teu pira, ari keur latihan apal,
pas waktu mentas di luhur panggung
poho.
Atuh penonton ger saleuseurian
akey-akeyan bakat ku lucu. Pernah
pas kuring anu mimpin poho kana anu arék dipintonkeun.
“Assalamualaikumwarohmatullohiwabarakatuh.”
Can dijawab ku balaréa kuring geus ngomong deui.
“Sim
abdi sareung réréncangan badé mertélakeun…” Teg poho. Lila pisan. Nu nonton
geus surak jeung saleuseurian. Ti tukang, Ahmad batur kuring ngaharéwos, tapi sorana tarik pisan, haréwos bojong téa, karékam mikropon nantung di hareupeun.
“…Nabi urang saréréa.” Atuh nu nonton tambah éak-éakan. Geus kitu mah breng wé
kuring nembang babarengan.
Sabada
solat magrib kuring ngahaja mandeurikeun manéh. Ngahaja hayang nepungan Haji
Abdul, guru ngaji baheula. Kaayaan masigit simpé, tinggal Haji Abdul keur solat
sunat bada magrib jeung kuring nu nungguan anjeunna. Masigit sakieu sigrong téh
simpé, teu kadéngé sora barudak lulumpatan, silih lédotan, komo ngaji quran mah.
Teu cara kuring baheula, lamun bada magrib kabéh barudak ngaraji, lulumpatan paheula-heula
muru tempat quran. Bari ngadagoan guru ngaji rengsé wiridan kuring jeung
babaturan pada boga gawé séwang-séwangan.
Aya anu ngaderes ngaji, aya anu ngapalkeun susuratan, aya anu ngadon ngadu
sarung, panco, atawa heureuy bari saleuseurian.
Bérés
wiridan, barudak dibagi-bagi. Anu karék kelas dua és dé kahandap, anu ngajina masih dihéjah, diwuruk
ku Kang Barna, minangka wawakil Haji Abdul. Nu kelas tilu, opat. lima, jeung
genep tapi ngajina can lancar
dipisahkeun di juru
masigit diwurukna ku Mang Ending. Nu kelas genep ngajina lancar ka luhur
diwurukna ku Haji Abdul langsung. Réngsé ngaji, barudak és dé ka hadap sok
diajar ilmu piqih jeung apalan susuratan Nu garedé ngaji kitab konéng sampé
wanci solat isya.
Bari sasalaman Haji Abdul cumarita, yén barudak ayeuna mah waktu ngajina pindah
bada solat asar di TPA. Malah kudu mayar sagala aya iuran tiap bulan. Béda
jeung baheula. Sok karunya ka kolot budak nu teu bogaeun duit.
“Bapak mah jang sok narékahan supaya barudak téh ngaraji
bada magrib siga baheula. Tapi geuningan hésé. Padahal bapa maha teu ménta
bayaran sapérak-pérak acan. Tapi da nya kitu hésé geuning diajak kana bener mah.
Barudak ayeuna mah bada magrib téh leuwih resep nagén hareupeun tivi nénjo film
nu saban usik gunta ganti. Mun teu kitu, ngumpul bari maén handphone panganyarna.”
Kuring unggeuk, panuju kana pamadégan Haji Abdul.
Kaluar ti panto masigit kuring ngarandeg sakeudeung,
ningali tepas lébar saukur tilu keramik ukuran ti puluh ka tilu puluh. Simpé
geuning, euweuh jelema saurang-urang acan. Ramé sotéh sora mobil jeung motor
bolak balik hareupeun masigit. Lamunan balik deui ka jaman heubeul. Lamun tas
ngaji, bari ngadagoan wanci solat isya, sabab barudak gedé can réngsé ngaji
kitab konéng, kuring arulin di
buruan masigit. Sakapeung ucing-ucingan di jalan. Mobil, motor teu rabeung siga
ayeuna. Malahan lamun bulan puasa, jalan aspal dipulas jadi lapak gobag,
kaulinan anu
jarang dimaénkeun barudak
jaman ayeuna. Pulasna tina ampas karbit sésa ngelas
menang ménta ti Mang Akim tukang las hiji-hijina di ieu kampung.
Lamun teu ulin kuring marilu ngawangkong di tepas masigit bati ngadéngékeun carita
ti nu araya di didinya diantara Aki Uja, Aki Jaya, Aki Bahrum, Pa Kusnadi, Pa
Jajang, Mang Ardi, pokona teu bisa disebutkeun ngaranna hiji-hiji. Dongeng rupa-rupa kayaning dongeng jaman revolusi, néwak bangsat, dongeng
aki keur ngora, carita jurig, jeung réa-réa deui. Sora anu nyarita kadang sok patémbal-témbal jeung anu ngaji kitab
konéng di jero
masigit. Eureun sotéh lamun
Kang Ujang ngaluarkeun sora emasnya nyaéta adan isya téa.
Carita atawa dongéng nu dipikareuseup kuring nyaéta dongéngna Aki
Uja waktu jaman Jepang. Sihoréng urang Jepang mah sok mandi di Cipalih bari
mamawa bedil, sok patunggu-tunggu. Mun aya limaan, nu tilu mandi nu duaan ngajaga
bisi aya musuh. Kitu deui dongeng Pa Kusnadi alias Pa Engkus basa néwak bangsat
hayam.
“Mun
euweuh bapak mah geus modar tah éta bangsat téh diteunggeulan ku barudak.”
Nyarita kitu bari asa manéhna pisan anu jadi pahlawan.
Sakapeung
Pa Wadana milu nimbrung di tepas masigit. Ari Pa Wadana ngaran teugeusna Raden
Haji Teja Wisastra. Ngomong soal pulitik. Baheula mah kuring teu ngarti-ngarti
acan kanu diomongkeun. Pa Wadana pernah ngomong kieu,” Kahadé lembur urang mah
tong kabawa sakaba-kaba. Tong nurutkeun Haji Aceng milih PPP. Itu mah béda
lembur. Dulur-dulur urang kabéh aya di pamaréntahan. Jadi kudu nyoblos Golongan
Karya nomer dua.” Basa kuring nanyakeun ka aki maké kudu milih nomor dua sagala
kalah ka ngambeuk, “Budak leutik teu kudu nyaho pulitik.” Manahoréng pang aki
kuring ngajawab bari ngambeuk aya patalina jeung kalungguhan aki sabagé ér té. Kuring
karék nyadar basa kuring geus diajar pangajaran tata negara di és ém a.
Tepas
masigit paragi ngawangkong tinggal carita. Kolot ayeuna, kaasup kuring bada
solat magrib ngadon balik, molototan tivi. Ngabandungan KPK paraséa jeung
pulisi, banjir, longsor di unggal lembur jeung kota, politisi korupsi teu boga
ka éra, kajahatan dimana-mana, béja harga-harga kaperluan sapopoé nararaék atawa
dialog adu tagog paembung-embung éléh. Lamunan ka usik ku ingeutan yén ayeuna
aya ménbal dina tivi antara Persib Bandung ngalawan Arema Malang. Atuh teu
dilila-lila. Suku buru-buru ngaléngkah ninggalkeun masigit sigrong ngan simpé euweuh
pangeusina.
